Sabulangbentor: Abdi Negara Ulah Jadi Nagara Abdi

- 3 Agustus 2023, 03:42 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Aya kasebutna pagawe teh kaom terhormat, sabab sagala rupana teu weleh jadi enteung balarea. Malahan sok dijadikeun panutan sajeroning hirup kumbuh di masarakat.

Numatak lamun diistrenan atawa diangkat jadi pagawe sok disumpah atawa macakeun pakta integritas sangkan gawena bener kalawan bisa mere mangpaat keur masarakat.

Nu matak kudu ati-ati, ulah abong kena keur jeneng atawa nyekel kakawasaan kalakuanana jiga nu mangpang-meungpeung.

Baca Juga: SMP Negeri 7 Kuningan Siap Menjadi Sekolah Adiwiyata 2023

Komo lamun dibarung ku tindakan sawenang-wenang mah matak nimbulkeun balai keur dirina. Kahade ulah lalawora bisa keulat sumpah, bahaya!

“Dumasar pangalaman nu sejen, kangaranan jalma keulat sumpah euweuh pitambaeunana, sabab urusanana lain ukur jeung papada kaula, tapi jeung Nu Maha Kawasa. Kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Muhun Mang, abdi mah sok palalaur upami emut kadinya teh. Rumaos abdi sanaos alit-alit oge janten pagawe.

Baca Juga: Disomasi Kuasa Hukum Orangtua Siswa, Pihak SDIT Al-Imam Kuningan Siap Hadapi Proses Hukumnya

Numawi bilih abdi keuna ku owah gingsir enggoning ngalaksanakeun tugas nagara, eta mah wayahna ka Mamang, abdi panggeuingkeun.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x