Sabulangbentor: Abdi Negara Ulah Jadi Nagara Abdi

- 3 Agustus 2023, 03:42 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

Bilih abdi mengpar tina ugeran, omat panggeuingkeun, tibatan diucah-aceh dina medsos!” walon Si Otong.

“Waduk lah, ayeuna bisa ngomong kitu soteh, pedah can kataekan kalungguhan. Lebah geus nyangking jabatan mah.

Baca Juga: Polres Kuningan Petakan Desa Rawan Gesekan Pilkades, 1.000 Personil Polisi Disiagakan

Komo lamun boga jabatan anu strategis jeung nyekel kakawasaan, apanan mun aya nu mere kamandang (masukan) sok salah tarima.

Komo mun aya nu ngiritik, dianggapna pasalia paham (bersebrangan), apanan kurang hade boga pasipatan model kitu teh.

Kuduna lamun aya nu mere kamandang, urang kudu ngahaturkeun nuhun. Boa-boa anu ditepikeun ku eta jalma teh pihadeeun demi kasalametan urang,” tembal Mang Suadma, panjang lebar.

Baca Juga: Ini 10 Besar Calon Bawaslu Kuningan yang Lolos Tahapan Seleksi Kesehatan dan Wawancara

“Leres nya Mang, ulah abong kena nuju nyepeng kalungguhan sareng kakawasaan. Margi ari jalmi mah teu salamina aya dina bebener.

Kalan-kalan ari nuju hilap mah, seueur keneh luput sareng lepatna. Insya Alloh, abdi mah upami kaparengkeun janten pejabat bade satekah polah bade ngingkahan anu pidursilaeun,” walon Si Otong.

“Tah kitu, entong enggke geus jadi pejabat, najan ayeuna aya dina posisi jabatan rendah tetep kudu geus diniatan hade, rek ajeg tur panceg dina jalan anu dipikaridho ku manten-Na,” cek Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah