Sabulangbentor: Abdi Negara Ulah Jadi Nagara Abdi

- 3 Agustus 2023, 03:42 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

Baca Juga: 20.000 Pengunjung Wisatawan Nikmati Keindahan Waduk Darma Kuningan

“Aamiin, Mang. Pidoana bae, mugi sapanuhun Mamang dikobul ku Alloh Swt,” omong Si Otong.

“Insya Alloh, sabab ari pagawe teh aya kasebutna abdi negara sakumaha anu sok digembar-gemporkeun dina pidato.

Hartina kudu kumawula ka nagara demi ngabela nusa jeung bangsa. Tapi nya kitu, kangaranan manusa sok aya bae ngagaleongna. Mimitina nyangking predikat abdi negara, ujug-ujug jadi nagara abdi.

Hartina, lamun kaeuntreupan sipat nagara abdi, sakabeh pangeusi ieu lembur asa bogana sorangan, kumaha cek aing, teu transparan, asa pangbenerna, pangkawasana jeung sajabana.

Kahade ulah tepi kajadian, akibat napsu anu matak kaduhung, badan anu katempuhan, cek kolot tea mah,!” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah