Sabulangbentor: Ngabandungan Lalakon Mutasi Matak Menit Kanu Lalajo

- 29 Agustus 2023, 21:23 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Mang Suadma keur ngora mah mindeng nongton wayang golek, komo lamun nu mintonekeunana dalang kahot anu teu weleh panceg tur ajeg kana pakem atawa tetekon padalangan. Geus .... wae, ti mimiti tatalu samemeh gendang nangkub (lalakon wayang anggeus), Mang Suadma tara incah di Balandongan.

“Mamang sapertos serius pisan upami nyarioskeun lalakon pawayangan teh sapertos Ki Dalang bae,” cek Si Otong.

“Atuh puguh, kaula mah tetep konsisten enggoning micinta seni budaya daerah, ulah tepi ka luntur ku waktu, laas ku jaman. Komo lamun urusan lalajo wayang golek, harita mah kamana bae oge dijugjug. Nu matak kaula mah apal lamun dina eta lalakon/carita wayang aya nu mengpar tina tetekon padalangan,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Dalam Usianya yang Ke-15, STIKes Muhammadiyah Kuningan Gelar SFCo

“Oh kitu? Abdi mah nembe terang Mamang dugi ka ngolotok kana bag-bagan pawayangan teh. Diantawisna lalakon naon anu ku Mamang dipikaresep?” Si Otong nanya, bangun nu panasaran.

“Atuh jenuk Tong, komo lamun dina eta lalakon nyaritakeun Pandawa lawan Kurawa atawa Amarta lawan Nagara Astina. Pokona seru we, moal aya babandinganana. Masing lalajo tepi ka subuh oge asa teu karasa atuda saking asikna,” tembal Mang Suadma.

“Punten Mang tumaros, dupi aya relepansina carita pawayangan sareng kahirupan manusa nu aya di alam pawenangan? Margi ari seni budaya mah kedah ngaganbarkeun hiji kahirupan sapopoe anu dipilampah ku papada kaula.

Baca Juga: Bank Kuningan Diganjar Penghargaan Nasional Infobank BPR Awards

Atanapi sipat-sipat manusa nu aya sasaruanana sareng kalakuan dina eta carita wayang?” tanya Si Otong, bangun pasanaran.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah