Sabulangbentor: Hayang Meunang Kalungguhan Kudu Saradak-Suruduk?

- 14 September 2023, 20:49 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Tujuan manusa nyiar kipayah (kahirupan) niatna tangtu beda-beda, aya nu kumaha bae carana sangkan meunang dunya saloba-lobana, ngincer kalungguhan (jabatan) pikeun ngudag kasenangan, aya nu asal ngeureuyeuh, aya oge nu dumasar kana ibadah jeung rea-rea deui. Eta mah rek jadi pagawe naon bae, jaman kiwari mah sah-sah bae.

“Aya oge nu mibanda kompetensi tur gawena hade, tapi kahieuman bangkong bae, cek paribasana. Nu matak sok karunya sakapeung mah. Atuda rek untu-enta jabatan ka dunungan asa teu kongang nyarita, duka da sok ngarasa heurin ku letah, cenah,” omong Mang Suadma.

“Leres pisan Mang eta teh, sanaos dijujurung atanapi kedah rekes (ngadugikeun permohonan) ka nu berwenang rea nu aralimeun. Seueur nu kitu teh Mang,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Iing Hilman Farihin Terpilih Menjadi Ketua FKPQ Kuningan Periode 2023-2028

“Bener nyaneh Tong, rereana pagawe nu mibanda kompetensi jeung kinerjana hade mah sok marurungkut bae rek surudak-suruduk teh,” cek Mang Suadma.

“Saleresna lamun hoyong ised kalungguhan atanapi kacandak promosi, mutasi atanapi aya lelang jabatan kedah gaduh kawani nya Mang? tanya Si Otong.

“Kawani kumaha? Ari nyarita teh asal heuay!” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Kuningan Kabupaten Layak Anak tapi Angka Kekerasan Seksual terhadap Anaknya Malah Tinggi, Salah Siapa?

“Jeh… Mamang mah ari diwartosan teh. Buktosna ari nu wantun saradak-surudukna mah bari jeung daek muntang ngeumbing ka ditu ka dieu sapertos nu logor, ibarat ngadahar bubur lolos (bubur anu dijieun tina tipung didaharna ngageleser teu kudu digael),” tembal Si Otong.

“Nyaho teuing kaula mah teu apal kanu kararitu teh. Kahayang Mamang mah salaku rayat, nu hade gawena tur mibanda kompetensi kudu diperhatikeun tur diperenahna dina posisi anu luyu jeung kabisana. Lian dipeuyeum atawa dikotakan,” walon Mang suadma.

“Da ti kampungkur ge kitu, sacara normatipna mah, namung dina seuhseuhanana henteu sapertos kitu,” walon Si Otong.

Baca Juga: Sinyal dari Sekda Kuningan Soal Mutasi, Kapan Waktunya?

“Heueuh nya asa kaingetkeun. Meh di unggal SKPD apanan aya pagawe unggulan, ngan anehna, eta pagawe nu mibanda kompetensi, kinerjana hade, anehna lamun aya nu ngusulkeun sok dijawab can waktuna, ngora keneh, saha Si Anu teh? jeng rea-rea deui jenuk uget.

Aya kituna nya, ongkoh gawena hade budak teh, jiga nu teu dipiwanoh malahan unggal aya mutasi, promosi sok kahieuman bangkong, cek paribasana. Idealna pagawe model kitu nu kudu diperhatikeun teh.

Ulah api-api meungpeun carang, atawa teu katempo dihaja, tapi ari nu sok babadug jeung suradak-suruduk jiga nu babarieun. Naha lamun hayang meunang kalungguhan di lembur urang kudu saradak suruduk? Nyaho teuing lah, menit...!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah