Sabulangbentor: Uing Rek Ngagawean Naon Ieuh?

- 26 September 2023, 00:06 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Samemeh dilantik sawatara pejabat teu weleh bungah pacampur reujeung reuwas. Lebah eska dibacakeun, teu sirikna kaget sapangbedilan. Kumaha teu kitu, mangbulan-bulan dianti-anti tepi ka lieuk beuheung sosonggeteun, dina dawuha tetela mengpar tina implengan sabagian gede anu dilantik.

“Satadina mah sugan teh bisa direrema nya Tong, jeh... ari prak teh jiga nu beuki dihajakeun. Atuda lain nanaha, sakeudeung deui oge rek pangsiun, masing dipindahkeun kaendi bae asa moal produktip gawe teh. Kitu cenah kadengena teh, anu garugulunuk sabada diistrenan,” omong Mang Suadma.

“Saur saha eta teh Mang? Kuduna mah bingah sanes, dilantik tur ditempatkeun di jabatan anyar teh?” tanya Si Otong. “Kitu soteh cek urang, tapi anu ngalakonana baruk teh teunggar kalongeun (ongkoh mata molotot, tapi naon anu kudu dipilampah) bubuhan ditempatkeun nu hara-haraeun (pikakaraeun), cenah,” walon Mang Suadma.

Baca Juga: Padepokan Cipta Wening Subang Kuningan Siap Bersihkan Sungai Citiis dan Cimonte

“Eta mah wayahna bae kitu, Mang. Tarimakeun bae heula, atuh mamanawian kapayun kaparengkeun aya posisi anu luyu sareng kompetensi masing-masing,” cek Si Otong, semu ngarerema.

“Bener pisan eta omongan teh Tong, ngan meureun maranehanana geus parangsiun. Lain ge meunang posisi jabatan, taun hareup mah posisina bakal ngarasuh incu. Nyaho teuing lah, kaula mah bororaah mikiran batur, dalah mikiran jadwal koprek ge menit,” cek Mang Suadma.

“Atuh kunaon Mamang teh ongkoh menit tapi pipilueun kana urusan nu sanes, mutasi tea, sagala tea. Entos bae urusan ku kitu mah pasrahkeun bae kanu ahli ngamutasiken. Urang jalmi alit, payunan bae padamelan Mamang sadidinten,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Ternyata, Kepala SMPN 1 Kuningan Ahli Matematika yang Pernah Mendapat Penghargaan Keluar Negeri

“Heueuh kana kituna mah, ngan bae atuda kadengena teh matak harengheng. Mun teu kadenge mah hade deui, madia teuing. Ku sabab di unggal riungan ngabarahas mutasi, apanan panasaran Mamang teh hanyang nyaho. Tetela kagugu oge, sakapeung hayang seuri. Tah eta senina mutasi teh.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x