Sabulangbentor: Open biding Kapegat Ku Umur, Deudeuh....!

- 24 Oktober 2023, 21:50 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Dumasar kana aturan (undang-undang) Aparatur Sipil Nagara (ASN), cenah, satiap pagawe boga hak anu sarua pikeun ngaraeh kalungguhan luyu jeung jenjang karir anu kudu dipilampah. Hartina pikeun nyangking eta kalungguhan bisa ngaliwatan seleksi terbuka asal nyumponan pasaratan salagi tacan pangsiun.

Lain ukur keur warga daerah satempat, dalah urang luar daerah oge bisa milu open biding. Pon kitu sabalikna, urang lembur bisa nyangking kalungguhan di luar daerah lamun lolos tina eta seleksi terbuka. Nu matak teu kudu pusing, nu penting nyumponan pasaratan bisa milu open biding salagi jadi pagawe keneh.

“Alus nya Tong eta aturan teh, saha bae anu nyumponan pasaratan tur berpeluang pikeun ngaraeh eta jabatan eselon II ngaliwatan open biding? Andika ge bisa bae meunang eta kalungguhan di kabopaten, najan pitempateunana di bawahan sisi sagara kidul,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Harga Beras di Kuningan akan Tetap Mahal Selagi Belum Panen Raya

“Atuh kantenan, upami kamilikeun mah Mang, teu mustahil eta kalungguhan anu diparebutkeun ku unggal pejabat tiasa kaparengkeun ku abdi oge margi ngalangkungan open biding tea,” walon Si Otong.
“Ari andikana pangkat/golonganana sabaraha hayang milu open biding teh?” tanya Mang Suadma.

“Masih padamel biasa, teu acan kasi-kasi acan, manawi taun payun rada ised kana eselon IV” walon Si Otong. “Ulah sok ngugar-ngagir Tong, golongan rendah keneh hayang jadi pangagung anu salepel jeung eselon dua. Atuh usahakeun, jabatan jeung golongan teh ulah ulukutek bae di teoh (handap). Geuningan batur ge patingterekel unggah kalungguhan teh jiga nu babarieun pisan,” cek Mang Suadma.

“Ihtiar mah kedah kumaha Mang! Ka BKD ngusulkeun mah parantos, pon kitu ngarempoy ka nu sanesna bari huruwas-harewos osok, namung teu acan kaparengkeun, duka kunaon abdi oge teu ngartos,” walon Si Otong.

Baca Juga: Diduga Gelapkan Dana Bansos, Aparat Desa Sukadana Kuningan Dipenjara

“Andika bae anu katelah birokrat teu ngarti, komo Mamang rayat kuricak, saditueun ti teu ngarti kana perkara nu karitu teh. Tapi kunaon batur bisa ari andika teu bisa? tanya Mang Suadma. “Duka atuh Mang, nu sanes ge teu tiasa ngiring open biding jalaran kabentur ku yuswa tea ulah ngalangkungan ti 56 taun,” walon Si Otong.

“Baruk cek undang-undang satiap pagawe atawa salagi tacan pangsiun boga hak keneh pikeun milu open biding. Heueuh nya Tong, hayang mili open biding tapi kapegat ku umur, deudeuh....! Kari-kari umurna diwates, eta kumaha aya aturan pabentar kitu?.

Padahal jaman kiwari mah entong boroning eta ukur open bidin, dalah hayang jadi raja oge geuningan bebas umur, apanan teu naha-naha eta geuning bisa, kumaha tur pedah naha? Najan kapegat ku umur, kudu aya nu wani pikeun uji materi naon sababna aturan nu leuwih luhur bisa dielehkeun ku aturan nu leuwih handap. Kudu aya nu wani uji materi atuh, Bro....!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah