Sabulangbentor: Mangsa Transisi Pejabat Parahi Nyalametkeun Diri

- 7 Maret 2024, 18:49 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Sajeroning mangsa transisi ti samemeh pilihan, nincak kana tahapan pilihan, saenggeusna jeung dina geprakna pikeun nangtukeun saha nu bakal meunang kalungguhan jadi pembantu pangagung papayung agung, timimiti tingkat kabopaten/kota tepi kanu leuwih luhur, tangtu bakal berdampak kana susunan pejabat anu bakal meunang kapercayaan.

“Kumaha nya Tong sikap anjeun ku ayana perobahan situasi pulitik sajeroning mapag pilihan kapala daerah?” tanya Mang Suadma, mimiti ngahaneutan. “Abdi mah pagawe biasa Mang, bade saha bae pangagungna tangtos bakal ngiringan kana naon-naon kabijakan anu bakal dipedar ku eta pingpinan,” walon Si Otong.

“Heueuh alus Tong, andika mah gawe bae nu bener luyu jeung tupoksi salaku pagawe demi kumawula ka nagara, ngabela nusa jeung bangsa da teu kudu lutak letak hirup di alam birokrasi mah. Urangna bener mah, saha bae bopatina atawa walikotana angger we andika mah aparatna anu teu weleh milampah tugas kalawan propesional. Sakumaha anu diiklankeun dina produk minuman, apapun makanannya, nginumna mah angger we cai asak herang, cek paribasana,” jawab Mang Suadma, kalawan diplomatis.

Baca Juga: Pemdes Babatan Kuningan Gelar Tanam Cabai Serentak, Upaya Sejahterakan Rakyat dan Kendalikan Inflasi

“Eta geuningan Mamang nyarios teh mani diplomatis pisan. Terang timana? Abdi ge anu katelah pagawe teu acan dugi ka dinya, gaduh pamadegan sapertos Mamang!” tembal Si Otong. “Sugan andika bae anu sok didiplomatisan teh, kaula ge moal eleh geleng atuh Tong. Da biasana di lembur urang mah kitu, lamun mangsa transisi, sok aya keneh pejabat anu babalicetan, luak-lieuk, ngajegang, midua jeung sabangsana. Bener ora Shon?” tanya Mang Suadma, ngaheureuyan Si Otong.

“Duka atuh Mang, abdi mah tara kikituannan. Ari kitu mah damel teh udaganana ukur hoyong kenging peunteun ti pingpinan. Kamampuhan damel mah duka nomer sabaraha, lepat atuh Mang. Sugan teu cape hate, cape pikir jeung cape gawe ari lumat-lamot ka dunungan teh, Mang!” walon Si Otong.

“Atuda Mamang ngabandungan di daerah batur, sajeroning mangsa transisi, sawatara pejabat parahi nyalametkeun diri. Anu biasana milampah kagiatan tempatna di hotel terdekat, teu sakara-kara pindah ka hotel berbintang. Meureun bareto mah hayang kapake, ayeuna situasi pulitik beda, saheulaanan ngingkahan isu anu teu matak nguntungkeun ka dirina, nu penting cari selamat kumaha we carana. Duka maksudna kumaha tur saha anu keur didodohona.

Baca Juga: Bulan Panutan Pajak, Pj Bupati Kuningan Instruksikan Pejabat dan ASN Menjadi Teladan

Aya deui nu embung karewong ku batur, belaan nunda mobil ge disamunikeun di pakarangan kantor anu singkur, malah aya nu abu-abu, nyamuni dinu caang, kaditu kadieu jiga nu serius, duka kumaha pakarepanana padahal batur ge nyahoeun kana polah eta jalma jeung rea-rea deui sandiwara anu dipintonkeun pikeun mengelabui situasi sangkan teu kaciri da tujuanana ge pikeun nyalametkeun diri.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x