Sabulang Bentor, "Tunda Bayar Ulah Lila Teuing Ditundana"

20 Februari 2023, 22:31 WIB
Ilustrasi Sabulang Bentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

KABARCIREBON - Si Otong jeung Mang Suadma ujug-ujug ngabahas masalah Tunda Bayar nu keur viral.

"Uyuhan ka mah, anu ngagugujeg jeung nu digugujeg sual tunda bayar sarua ragotna,".

"Ongkoh rek dibayar tapi angger dipasualkeun, endi nu bisa dicekel omongna. Cek bohir sakeudeung deui rek dibayar bari jeung rek dicicil oge, tapi nu morostel (mempertanyakan) teu eureun-eureun".

Baca Juga: Pengumuman: Lion Air Group , Maskapai Penerbangan Membuka Lowongan Pekerjaan bagi Lulusan SMA-SMK

"Eta kumaha maksudna, dibandungan ku nu bodo mah matak menit. Jah..... anjogna mah, parea-rea uget. Dhoh....!" celutuk Mang Suadma

“Nyarios naon Mamang teh, ting-aruget kitu, abdi mah sok kagugu ari cariosan Mamang teh?” tanya Si Otong.

“Andika mah sok salah tapsir, apanan karandapan ku andika oge lain, balukar tunda bayar anu ngayayay tunjangan para pagawe tacan calair,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: KABAR MAJALENGKA : Membangun Karakter Tanggungjawab, IPNU Sukses Gelar Kompetisi Futsal Antar Pelajar

“Leres kana kukituna mah Mang, atuda kumaha sok sanaos pada naroskeun kondisi kauanganana nuju samporet. Untung eta ge aya kasebatna tunda bayar, tangtos iraha-iraha oge bakal kabayar. Kitu manawi Mang!” walon Si Otong.

“Pinter andika mah ari kana ngilungan batur, padahal soranganana ge sarua kurap-karep alatan tunda bayar anu lilana mangbulan-bulan teh. Karasa ku andika oge lain?” tanya Mang Suadma.

“Kantenan Mang, abadina kedah kumaha. Apanan abdi alit-alit oge pagawe, teu tiasa ngunghak kanu janten dunungan,” jawab Si otong.

Baca Juga: Berikut Ini 10 Sisa Pertandingan Persib Bandung: 7 Diantaranya Wajib Dimenangkan Persib

“Nya....ari kitu carana mah ulah sok ngarahuh, tarima keun we kapalang sobar,” cek Mang Suadma.

“Nyarios kitu soteh pedah we ka Mamang da kanu sanes mah tara. Ditalangan heula moal. Saleresna abdi ge batin mah ngajerit gara-gara gagal bayar,"

"Tunda bayar, can kabayar tur iraha bade dibayarna, duka kumaha polah abdi kapayun,” jawab Si Otong, karek blak-blakan ka Mang Suadma.

Baca Juga: Maret, SKPD di Pemkab Cirebon Diminta Gelar Lelang Barang dan Jasa

“Nu matak andika teh ulah sok edeg, jiga heueuh teu butuh, lebah peujit murilit mah teu bisa dibebenjokeun,".

"Kumaha ari geus kitu, eta teh andika anu bisa keneh dibantuan ku mitoha. Lebah nu teu boga puntanganeun atawa taya nu dipake majar kumaha, apanan asa asa dibeuteungan nyusu,” jawab Mang Suadma.

“Duka Mang abdi mah pasrah bae. Pamugi abdi dipaparin kakiatan kanggo nandangan tunda bayar,” walon Si Otong.

Baca Juga: KABAR MAJALENGKA : MWC NU Jatiwangi Peringati Harlah 1 Abad NU dan Resmikan Gedung Center Jatiwangi

“Heueuhnya, keur pagawe leutik mah tunda bayar teh karasa pisan pahit peuheurna,".

"Numatak kaula ngabudah bae sual tunda bayar teh mangkarunyakeun ka aranjeun anu golongan jeung jabatanana tacan luhur,".

"Cik kahayang teh tunda bayar ulah lila teuing ditundana, ageh bayarkeun najan ukur dipipil. Tibatan ditunda-tunda ari geus aya mah egeh poldanan ka nu naragih teh, bisi kumaonam,".

Baca Juga: Berharap Untung Malah Buntung: Lansia dari Cirebon Ini Kasihan Tertipu Investasi, hingga Ratusan Juta Rupiah

"Leuheung basa anu teu boga panyakit salatri (maag), lebah nu peujit koreseun apanan matak watir ku ayana gagal bayar, robah jadi tunda bayar teh,".

"Hadena ari geus aya mah gancang babayar bae ambeh teu gandeng tur saheng, ulah tepi ka dipulitisir antukna situasi di pilemburan jadi harengheng,” omong Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)

Sabulang Bentor adalah rubrik guyonan dalam bahasa Sunda. Isinya menyangkut berbagai macam persoalan kehidupan. Rubrik ini dibuat oleh wartawan Kuningan, Eman Sulaeman. Semoga menghibur dan bermanfaat.***

Editor: Muhammad Alif Santosa

Sumber: liputan

Tags

Terkini

Terpopuler