SABULANG BENTOR: Open House VS Open Koprek

27 April 2023, 07:30 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Bareto mah rebuan warga pagugulung bari jeung kapentrang panon poe saking hayangna ngadeuheus ka raja (Sultan) nu aya di eta karaton atawa bopati/wali kota daerah masing-masing.

Tujuanana rek sasalaman ka eta pangagung sakumaha anu dipilampah unggal poean bada/lebaran sataun sakali, anu katelah open house tea.

“Tong, ari maneh kamana bae poean lebaran teh? Teu milu open house?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Memperpanjang SIM Tidak Perlu ke Polres, Jadwal Layanan SIM Keliling di Wilayah Kabupaten Kuningan

“Open house kamana, kasaha open house-na atuh Mang?” Si Otong malik nanya.

“Nya ka pangagung nu aya di gedung putih, sugan we meunang peunteun,” tembal Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, saurna taun ieu mah teu aya open house?” tanya Si Otong.

Baca Juga: Ini Jadwal Salat di Wilayah Kabupaten Kuningan Untuk Hari Kamis 27 April Bersumber dari Kemenag RI

“Teu meunang soteh jalma-jalma tertentu, diluar eta mah heug-heug bae,” ceuk Mang Suadma.

“Muhun kapungkur mah anu sok ngayakeun open house dina dintenan bada (lebaran) teh para pejabat sareng pagawe sanesna,” tembal Si Otong.

“Oh … kitu, eta mah kumaha andika bae da keur Mamang mah bareto keur usum open house tara miluan, komo ayeuna.

Baca Juga: Ketika Kondisi Darurat Warga Kuningan Bisa Menghubungi 10 Nomor Telepon Penting, Ini Daftarnya

Mamang mah hayang ngayakeun opeh koprek itung-itung gaganti open house,” walon Mang Suadma.

“Punten, Mamang mah kirang gaul. Open koprek mah teu aya dina buku rusdi-na,” tembal Si Otong.

“Maneh sok salah paham, ari open house pikeun sasalaman jeung bopati/wali kota, eta mah aya udang dibalik batu, keur ukuran anjeun mah, kitu lain? Sangkan meunang perhatian tea?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Kades Sukamukti yang Wajahnya Mirip Presiden Jokowi Sebut Visi Kuningan Maju hanya Isapan Jempol Belaka

“Duka atuh Mang, salami usum open house kapungkur abdi mah tara ngiringan,” jawab Si Otong.

“Tapi Mamang mah panasaran, hayang ngayakeun open koprek itung-itung gantina open house, (open koprek vs open house) kudu rea nu datang ka Mamang.

Lamun teu daratang ka Mamag (open koprek), maneh sarua jeung tibalik liang wadukna.

Baca Juga: Ini Daftar Barang Bukti yang Sedang Dicari Aparat Kepolisian Polres Kuningan

Hanas bareto menta pangampura ka kolot kuat ka diliwatan, ari ka nu sejen diheulakan, kumaha rarasaanana.

Erek ge heulakeun kolot, apanan ari indung teh tunggulna rahayu, bapa tangkal na darajat, kari-kari teu dilieuk ku mata sabeulah, nyaneh teu sieuneun doraka.

Naha teu ka indung bapa heula anu dinomer hijikeun, karek kanu sejen da taya nu nyaram ieuh.

Heueuh ari menta pangampura kakolot bari jeung sataun sakali ukur sakolepat pisan kawas papatong ngisang, ari ka bos diistimewakeun.

Sasapaan teuing, teu sieuneun kawalat, nyaneh teh…..!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler