Sabulangbentor: Boga Kaahlian Naon Pikeun Ngamamurkeun Rayat?

11 Oktober 2023, 19:25 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ari kana urusan kadunyaan teh mani hararezo pisan, upamana bae ngebeberik jabatan, ngudag-ngudag posisi nu dianggap terhormat, seseregel hayang jadi bos perusahaan jeung sabangsana. Heug-heug bae masing rek ngawasa jabatan naon bae oge da taya laranganana ieuh, nu penting nyumponan pasaratan (cek bahasa normatipna mah) dhoh......!

“Da memang gampang, nya Tong? Naon hesena atuh nyangking kalungguhan, direktur atawa jadi naon bae, komo dilingkungan birokasi nu aya di lembur mah. Nu penting aya komitmen lain?” tanya Mang Suadma, ka Si Otong..

“Manawi atuh Mang, kanggo nu gampil nya tangtos gampileun, pon kitu sabalikna, kanggo nu sesah, tiasa janten langkung ti sesah. Eta mah kumaha saur gurat tangan, tanda tangan atuh langkung ti kitu, kedah keukeupeulan,” tembal Si Otong.

Baca Juga: 23 Kelompok Tani Kuningan Peroleh Bantuan Hibas Alat dan Mesin Pertanian

“Geuning andika sinarieun nyarita teh jiga nu enyaan? Bener atawa teu salah eta teh nya Tong?” Mang Suadma, malik nanya. “Duka atuh Mang, eta ukur babaledogan namina oge, tiasa oge nele tiasa keuna. Kitu manawi Mang, namina oge teteguhan, tiasa bae teu lepat,” tembal Si Otong.

“Andika mah kumaha ari nyarita teh, Mamang teu bisa milih hiji tina diantara dua. Kudu kieu meureun kalimahna teh; duka bener, duka lepat, lain duka bener duka enya, endi piliheunana, astahiyam teh. Ari ka kolot teh sok nganggap sapele,” omong Mang Suadma.

“Senes nganggap sapele, namung supados Mamang gampil ngawalerna nu mana bae da hartosna mah eta-eta keneh,” cek Si Otong. “Oh kitu, heueuh nya Tong kaula ge panuju kana eta pertanyaan teh da masing dibulat-beulit ge angger bae anjogna mah jah......!” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Sertijab Disperkimtan Kuningan, Putu Bagiasna Serahkan Jabatan Kadis kepada H.M. Mutofid

Etah geuningan Mamang cerdas, ayeuna seueur anu ngarudag-ngudag hoyong janten itu, janten ieu, naha ukur kanggo memperkaya diri atawa rek ngamalkeun elmu anu bakal mawa kamangpaatan ka sakumna umat demi kabagjaan sareng kasalametan dunya rawuh aherat?” tanya Si Otong.

“Eta mah jauh teuing Tong, Mamang mah sok hayang ngetes kanu boga kahayang teh. Naha maranehanana, hayang jadi itu, hayang nyangking jabatan itu teh boga kaahlian naon? Ari sakirana ukur ngudag-ngudag haliah dunya, kapangkatan, kalungguhan (jabatan), posisi pingpinan dina hiji pausahaan jeung sabangsana, eta mah cetek.

Tapi boga kaahlian naon pikeun ngamamurkeun sakumna rahayat? Saupamana sanggeus ngajabat atawa jadi pingpinan ujug-ujug pangabogana leuwih ti medah-meduh dibanding rayatna anu kahirupana sangsara keneh, sarua jeung hitut dina kobokan. Nu kitu mah teu kudu bertitel, Mamang ge tukang koprek lamun boga kalungguhan tujuanana ukur memperkaya diri saditueun ti bisa.

Baca Juga: Bupati Dicecar Pertanyaan Penanganan Bulliying oleh Para Siswa SMPN 1 Kuningan

Aya mending keneh anu elmuna basajan, tapi mampuh ngabuktikeun kabisana keur kamamurkeun rayatna, eta karek disebut pingpinan anu istiqomah, ngaagama tur solehdeuih. Naha siap pikeun ngaronjatkeun kehirupan rayat nu sabenerna atawa demi ngamajukeun perusahaanana. Lain ukur boga hayang pikeun nyangking jabatan, tapi dina geprakna teu luyu jeung anu diharepkeun ku balarea, amit-amit.....!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler