Sabulangbentor: Dina Geprakna Mutasi Teu Rame Teu Naha

- 21 September 2023, 19:48 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Nu matak ari nyarita teh ulah sok sangeunahna, baruk unggal rek aya mutasi ulah sok rame, kitu cenah. Rame pedah naha, sugan rek raramean, asa kacida eta pernyataan teh. Batur hayang lungsur langsar, ulah aya halangan harungan naon-naon, ari ieu baruk teh ulah rame. Pertanyaan, nya saha nu ngaramekeunana, Bro?

“Rame nya Tong?” tanya Mang Suadma, singget. “Rame naonna Mang, ujug-ujug nyarita rame teu puguh, sugan nuju anggap-anggapan?” Si Otong malik nanya. “Pedah we aya nu nyebutkeun, rek mutasi ulah sok rame, cenah,” omong Mang Suadma.

“Ari rayat mah kumaha cek pangangung, nu ngawayangkeunana. Lamun rek diramekeun nya rame meureunan, sabalikna, rek ditiiskeun nya meureun tiiseun. Jalma leutik mah kumaha nu ngigelkeunana,” walon Mang Suadma.

Baca Juga: Gonjang-Ganjing PJU Kuningan Caang, Komisi 3 DPRD Santroni Gudang Penyimpanan Barangnya

“Rupina kitu Mang, da unggal bade aya mutasi situasi sok teu sakara-kara jadi harengheng. Antuka sareng papada kanca saling curiga, padahal anu tadina teu naha-naha. Hawatos abdi mah tina urusan sapele kunaon sok diageung-ageungkeun, abdi mah teu ngartos, Mang,” cek Si Otong.

“Andika oge jalma ngarti hemeng nya, unggal rek aya mutasi sok dijieun rame, nya saha atuh anu ngamimitian atawa anu bibit buit nyieun eta karamean teh,” cek Mang Suadma.

“Numawi ari cariosan pangagung teh ulah sok sacarios-cariosna, margi sok aya matakna. Numawi upami bade ngaluarkeun pernyataan teh kedah diutahkeun sareng dibeuweung. Ulah saucap-ucapna bilih eta cariosan ngabadi ka diri sorangan. Punten, Mang dupi anu sok ngaramekeunana saha kitu?” tanya Si Otong.

Baca Juga: Besok di Kuningan Dikabarkan 21 Kadis Dimutasi tapi 8 Pejabat Dipertahankan, Siapakah Mereka?

“Nyaho teuing anu ngaramakeunana mah saha? Biasana anu matak rame teh aya sababaraha paktor. Diantarana waktu anu diulur-ulur alias ngayayay. Nu matak teu ngabibisani anu ahirna ngahudang kapanasaranan balarea, antukna atuh der bae jadi rame,” cek Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x