SABULANG BENTOR: Anak Emas Mah Salah Ge Bener Bae

6 Maret 2023, 08:00 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Di unggal kelompok ge sok aya bae anu katelah anak emas teh, komo di lingkungan perkantoran mah kaciri pisan.

Anak emas teh naha pedah gawena hade pikeun ngayonan kahayang dunungan, atawa jenuk pamerena luyu jeung kahayang bos.

Jigana moal jauh ti eta anu katelah anak emas mah, beda deui jeung anak lain emas.

Baca Juga: SABULANG BENTOR: Sukses Keur Sorangan Keur Baturna Endi?

Najan gawena hade oge can karuhan disebut alus da nu diteanganana ukur kasalahanana bae, kitu lamun lain ka anak emas mah. Sasapaan teuing....!

“Andika anak emas saha nya Tong? Apanan andika oge boga kapinteran jeung kaparigelan (keterampilan) dina bidang tertentu. Kitu lain?” tanya Mang Suadma, panasaran.

“Ah... da abdi mah ti kapungkur ge baisa-biasa bae ka dunungan nu mana oge, dawuhna damel nya damel anu hade.

Baca Juga: SABULANG BENTOR: Dipangkas-Repokusing-Rasionalisasi = Dikurud

Bade naon deui atuh, saur sepuh urang kedah nyeueurkeun ibadah ku cara naon bae anu tiasa masihan mangpaat kanggo kamaslahatan umat kalawan salamet dunya rawuh aherat,” cek Si Otong, daria (serius).

“Tah ..... heueuh kitu kahayang Mamang mah, hirup teh ulah asal beuteung eusian tur jenuk duit sangkan pada ngahormatan. Peupeujeuh andika teh masih keneh bahan ka kahareup kudu ati-ati,” walon Mang Suadma.

“Leres pisan Mang, numawi abdi mah teu kalebet anak emas ku dunungan oge teu sapertos nu sanes tiasa lumat-lamotna.

Baca Juga: Sabulang Bentor, Tunda Bayar Ulah Lila Teuing Ditundana

Abdi sanes teu tiasa milampah kalakuan sapertos kitu, margi hate asa henteu merean tur konsekuenasina kedah tiasa nyungsung ka eta pangagung,” walon Si Otong.

“Ari andika nyarita, baruk teh nyungsung ka pangagung sangkan karir urang beuki nanjung? Masing pangkat/golongan luhur ge ari ladang ngalacurkeun idealis mah sarua jeung hitut, lantaran papada meunang kepercayaan ladang tina lumat-lamot.

Lain tina prestasi jeung inopasi anu bisa mere kamangpaatan keur balarea, eta man lain prinsip pagawe anu bener,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: SABULANGBENTOR KUNINGAN: Bororaah Mikiran Mutasi, Ngurus APBD Ge Menit

“Atuda kumaha Mang, manawi jamanna nuju sapertos kieu upama hoyong kaanggo kunu dibendo,” cek Si Otong.

“Andika ulah nurutan tur kabawa kunu sakaba-kaba, masing kiwari keur jaman lieur ulah kabawa menit. Sugan rayat teu nganilai ka anjeun, endi pagawe nu bener, endi pagawe nu loga uget.

Ngan anehna aya keneh pingpinan lamun geus bogoh ka hiji jalma naja cek balare lakulampahna goreng patut tetep disebut hade bae.

Baca Juga: Sabulangbentor: Tunda Bayar, Geus Kabayar, Rugi Bandar

Malah dina aya kasalahanana oge sok dibelaan mati-matian, jiga nu malik teu tarima lamun anak emasna aya nu ngaheuneu-heuneu teh.

Beda jeung ka anak buah anu pamadeganana teu sapagodos (padahal cek balarea hade tur bener).

Tapi lamun geus diawalan ku teu resep antukna goreng we salilana ka eta pagawe, najan bener da embung ngaku kana bebenerna,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

 

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler