Sabulangbentor: Kabopaten Ramah Anak Nu Stunting Ngabadeg

- 29 Juli 2023, 05:21 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ayeuna mah di unggal kabopaten/kota rea nu meunang penghargaan, timimiti meunang piala juara raskin tepi ka penghargaan kabopaten ramah anak jeung rea-rea deui predikat anu kacangking ku eta daerah.

Da eta mah anu katelah piala jeung penghargaan tepi ka teu kawadahan. Teuing aya sabaraha lomari meh teu kaitung eta penghargan teh atuda saking jenukna.

“Mamang mah bungah nu aya lembur sorangan meunang penghargaan teh, tandaning aya dina kamajuan dibanding lembur batur anu pialana teu pati leubeut,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: LKKS Kuningan Menyulap Rumah Ibu Taspi Menjadi Bagus, Ini Proses Pengajuannya

“Nyarioskeun naon Mamang teh? Leubeut ku buah naon? Apanan kembangan oge teu acan?” tanya Si Otong.

“Andika mah sok sasawangan ari nyarita teh. Kaula keur nyaritakeun hiji daerah anu leubeut ku penghargaan ti pusat, lir tingkat regional mah, geus teu kaitung,” cek Mang Suadma.

“Atuh sae, urang kedah sukuran dumeh kalebet daerah maju. Kitu sanes Mang?” Si Otong malik nanya.

Baca Juga: Kuningan Dipercaya Jadi Tuan Rumah Porpemda Jawa Barat, Ini 15 Cabor yang akan Dipertandingkannya

“Eta mah rek maju rek mundur keur Mamang mah taya pangaruhna,” tembal Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x